Unsur Intrinsik
Tema :
Nyaritakeun jalma nu mulangkeun
kanyeri ku cara nyilakakeun batur.
Watak
:
a. Demung
Gede kawani
Kaca
6 : “Naha Aceuk make borangan? Lamun anu
ngudag geus tepi kadieu mah, matak naon lamun ku urang terus dilawan.”
.........
Kaca
8 : “Bet piraku make menta di gandong
sagala, kapan Emung teh geus gede. Geuning bieu oge kadenge ku Aceuk, geus wani
ngalawan musuh. Piraku ngalawan musuh bari digandong!”......
Bageur
Kaca 101: Ah keun wae si Aki mah moal
ndihudangkeun karunya, ceuk pamikiranna....
Teu benang
dibejaan/bengal/bedegong
Kaca 105 : ”Perkara cicing mah,nya kumaha
uing we.naha make rek pipilueun ngatur.”
Kaca 12 : Bah, karep uing moal bisa
dihalang-halang jeung disingsiunan ku sakitu. Pokona mah, teu isukan nya
pegeto. Teu pageto, nya bulan hareupna..........”
Boga
niat goreng hayang wae mulangkeun kanyeri
Kaca 122 : “Hayang mulangkeun kanyeri, bongan kahirupan
kuring geus dikakaya........”
b. Listayu
Teu
percayaan
Kaca 197 : “Raden.” Omong urut
pangasuhna.”Enden teh teu percanteun yen Raden masih keneh jumeneng. Malik
kalah sasauran keiu, Ibi naha make percaya kana omongan jalma saliwat! Boa teuing,
etamah jelema teh ukur nyiliwuri...........
Boga
pamikiran butut (Negative Thinking)
Kaca 200 : “Kami mah geus yakin, eta
jelema anu ngaku-ngaku si Emung teh rek ngagebruskeun kami. Pasti titahan anu
sejen pikeun nyilakakeun kami. Kami oge nyaho, ka kami teh loba nu sirik....
c. Si Ibi
Silih
asih/mikanyaah
Kaca 13 : Si Ibi anu keur jongjon
ngusapan adina......
d. Mamang Jalaprang
Tanggung
jawab
Kaca 10 : Si Mamang jeung pamajikanana
nyangga pancenm anu beurat.anak dununganana Listayu jeung Surapamungkas kudu di
salametkeun tina pancabaya.......
e. Si Bewos
Masa
bodoan
Kaca
33 : “Rek enya kitu, rek lain, ......... Anu penting mah budakna daekuen di
imah dewek. Eta cenah cenah mnehna teh bener-bener anakmenak, nya sukur nu
aya.”
Tukang
ngolo sangkan kahayang manehna bisa kalaksanakeun
Kaca 35 : “Tah mauk haur oge ku Abah rek
dipangalakeun. Pokona hayang manuk naon wae oge janji aya.sok hayang naon
deui?......”
Ngamanja
Kaca 39 : Sapoe-poena aya di lembur, ngajak
ulin anak kukutna. Aya ka huma atawa ka tegalan ngadon ngala manuk.
Babari
kasinggung
Kaca 94 : “Boa-boa eta kuda teh lain
meunang meuli,tapi meunang maling.” “Ngomong naon sia?” bari nyirintil. “Enya
meunang maling.” Gampleng di tampiling satakerna......
f. Si
Jangkung
Adil
Kaca
24 : “Rek dibawa mah nya bawa we atuh,kang. Ngan alusna kudu dipihapean heula,
da piraku ari rek di simpangkeun heula ka lembur urang mah. Tah engke
samulangna ti Selapgohgor, matak naon urang sampeur......”
Tukang heureuy
Kaca
31 : “Asa numpang pisan mun dibandingkeun jeung beubeugeutan si Akang
mah........”
g. Si
Joban
Tukang heureuy
Kaca
23 : “Nya, jeung tibatan euweuh-euweuh teuing mah, jeun teuing geus jadi bange
oge, komo lamun parawan keneh mah”......
”Sakalian
jurigna oge ku dewek mah rek diasaan.”
Kaca
33 : “Enya kang. Saha anu nyaho ngke Akang baris jeneng Patih.Pntes pisan,
kang. Beungeut jembros bari mata jaleer beureum.ngan hanjakalna teh teu bisa
maca. Ha..ha..ha......
h. Nyai
Idoh
Bageur
Kaca
31 : “Anu ngurus sapopoe oge pan si Nyai Idoh, da kami mah teu ari balas
naheuran lahang.....”
i. Aki Rangga
Bageur/berehan
Kaca
100 : “Geus asak geuing, Elu, kejo teh. Hayu urang madang heula....”
Sederhana
Kaca
106 : “Aki mah leuwih bogoh hirup ngandelkeun tatanen, batan jadi menak..........”
j. Aki Subita
Tukang heureuy
Kaca
29 : “Atuh lamun saung ieu euweuh mah, rek dimana silaing engke mihapekeun
awewe”.....
l. Si Nini (Pamajikan Aki Rangga)
Leutik kawani
Kaca
134 : ”Kumha atuh, tuda Nini ukur panyawak awewe anu heureut deuleu pondok
lengkah......”
m. Raden
Sungsang Pamangger
Bageur/mulangkeun
budi
Kaca
57 : “Paingan nyahaaheun ka Enden, upami kawitna kantos caket sareng tuang rama
mah.”
Kaca
59 : ”Paman teh geus jangji ka diri pribadi, hayang bisa males kasaean tuang rama.
Ngan hanjakal ayeuna toa aya
dikieuna......”
n. Cutak
Cikalongwetan
Adil
Kaca
232 : “....... najan jeung dulur, ari hukum mah angger kudu ditanjeurkeun.
Pisakumahaeun teuing carita batur lamun Akang pilih kasih dina nibangkeun hiji
putusan......”
Setting
1. Tempat
:
Di
sisi Citarum
Kaca 5 : Citarum caah rosa, ngagulidag
umpal-umpalan.....
Selapgohgor
Kaca 26 : Tetela nyamos ti Selapgohgor
teh, maranehna teu meunang naon-naon....
Dayeuh
Ukur
Kaca 10 : ....disalametkeun tina
pancabaya anu kiwari campuh di puseur dayeuh Ukur....
Urut
huma
Kaca
11 : .... jigana mah urut huma....
Haurmuseur
Kaca 26 : Si Joban terus ngidul, ari anu
duaan deui mengkol ka Haurmuseur.....
Saung
Kaca 98 : Manehna anjog ka hiji saung di
tengan huma.
Dipakemitan
Kaca 134: Pacalang anu jaga di Pakemitan
ukur kari duaan.....
2. Waktu
Peuting
Kaca 13 : Peuting beuki jempling.......
Kaca 134 : Wanci geus ngagayuh ka tenga
peuting.....
Burit
Kaca 37 : Poe geus maju ka burit, anu
tas ti reuma kakara tarurun....
3. Suasana
Tegang
Kaca 15: Aya dua pilihan anu nampeu
hareupeunana. Maju pikeun narajang musuh anu jumlahna jauh leuwih loba, atawa
serah bengkokan jadi babanda ......
Nalangsa
Kaca 189 : “Raden..!” Si Ibi ngajerit
bari nubruk nonoman anu diuk hareupeunana. Si Ibi ceurik mani ngagukguk. Demung
oge jadi ngarasa sedih......
Galur
Maju
Kaca
84 : Teu karasa,
geus aya taunna Demung cicing jeung indung jeung bapa kukutna teh. Manehna geus
jadi nonomna anu keur meujeuhna buta tulang buta daging...... nincak umur tujuh
welas taun, dedeganana sembada ........
Sudut pandang
Jalma
katilu palaku utama , nyaeta Demung.
Kaca
92 : Geus tilu poe Demung
papisah jeung si Wulung.manehna keukeuh hayangeun nyusul.......
Gaya basa
Kaca
6 : Teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun
nu edan.
Kaca
115 : Ngahudangkeun mung hees.
Kaca
120 : Bisi kadengeeun ku cakcak bodas.
Kaca
123 : Cakcak ku leuleuy oge enggeus murugul.
Kaca
138 : Ulah kejot borosot, ulah getas harupateun.
Kaca
182 : Ngubeuk leuwi rek ngala beunteur.
Kaca
232 : Teu bisa cueut ka nu hideung ponteng ka nu koneng.
Amanat
Ulah
ngutamakeun napsu dina nyanghareupan masalah, komo aya niat mulangkeun kanyeri
ka jalma anu nyiksa atawa nganyerihatekeun urang. Sing bisa ngajaga diri, sabar
jeung btawakal ka Allah dina nyanghareupan masalah. Dina
ngalakukeun naon wae, kudu dipikirkeun heula sabab jeung akibatna, ulah kabawa
sakaba-kaba.
Unsur Ektrinsik
Biografi
Pangarang
Tatang
Sumarsono lahir di Tasikmalaya, Jawa barat, kaping 25 Januari 1956. Lulusan ti
SDN Galunggung V, SMPN III, jeung SMAN II. Dina taun 1975 ahir miang ka Bandung
rek ngadu nasib. Kungsi jadi wartawan
Harian Merdeka. Bet kalah diparengkeun ti taun 1976 nepika taun 1982, Tatang
kuliah di Jurusan Pendidikan Basa Daerah FPBS IKIP Bandung, ku Pa Karna Yudibrata.
Kungsi jadi guru di sawatara sakola swasta. Tapi ahirna mah mulang deui kana
gawe baku anu awal nyaeta jadi wartawan, tug nepika ayeuna. Taun 1984, dileler
Hadiah Jurnalistik Adinegoro dina widang fotograpi. Salian ti nulis fiksi,
nyaeta anu geus dibukukeun : Miang jeung Kaludeung, Pemberontakan di Cimareme,
jeung Si Paser. Tatang milu nyusun buku-buku pangajaran basa Sunbda di SD, SMP,
jeung SMA, sarta nyusun biografi nyaeta nu geus rengse biografina Jenderal Didi
Kartasasamita, nu rek dipaju biografina H.R Dharsono.
Taun
1992, Tatang dileler Hadiah Sastra Samsudi jeung Hadiah Sastra LBSS. Tulisan
beunang Tatang, boh prosa boh puisi, lolobana masih keneh bacacaran dina
majalah jeung surat kabar. Demung Janggala mangrupa novel beunangna anu
sarengsena ditulis langsung medal jadi buku nyaeta teu kungsi diecerkeun heula
jadi tulisan nyambung dina majalah.
Ajen agama
Dina
nyanghareupan masalah atawa musibah, dina kaayaan kumaha wae, urang kudu inget
jeung rawakal ka Gusti, asal urang samampuna geus ngalakukeun ihtiar dina
nyanghareupan masalah atawa musibah eta. Ajen agama ieu aya dina sikep Mamang
Jalaprang anu keur ngalawan musuhna.
Kaca
17 : Geus kanyahoan kitu mah, Mamang jalaprang ukur bisa tumamprak ka nu
kawasa.Ayeuna geus euweuh deui anu bisa disimbutan.......
Ajen Sosial
Urang
kudu inget kana jasa-jasa kasaean batur, boh nulungan dina musibah, boh dina
masalah lianna, masing jalma eta teh teu menta imbalan atawa balas budina.
Kaca
59 : “Paman teh geus jangji ka diri pribadi, hayang bisa males kasaean tuang
rama. Ngan hanjakal ayeuna toa aya
dikieuna......”
Ajen budaya
Geus
jadi ciri khas jaman baheula budak awewe teh sok dijodohkeun ku kolotna.
Kaca
67 : Caritaan Paman Sungsang memang teu mencog.listayu diasongan pisalakieun,
Cutak Cikalongwetan .....
Ajen atikan
Dina
ngalakukeun hal naon wae, urang kudu mikiran akibatna lain ngutamakeun napsu
hungkul.
Kaca
137 : ......”Lain kieu carana atuh.hidep geus lalawora kacida. Ku taragal kieu,
tangtu bakal jadi mamala gede pikeun urang..........”
Ajen moral
Ulah
kagiur ku harta anu loba. Mending teu boga nanaon tapi bagja hirup najan ladang
kesang sorangan. Kaca 106 : Tapi lamun dicindekkeun mah, Aki leuwih bogph hirup
ngandelkeun tatanen, batan jadi menak. Lain nanaon, Elu, hirup ngnadelkeun tina
tani mah muklis ladang kesang sorangan.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar