Jumat, 02 Agustus 2013

Ringkasan Novel Demung Janggala

Maca Novel

Pangarang          : Tatang Sumarsono
Eusi                    :

Dina hiji poe Emung, Listayu, si Ibi jeung Mamang Jalaprang kabur ti dayeuh sabab keur diudag-udag ku perjurit anu ngajajah dayeuh. Teu karasa langit beuki poek. Mamang Jalaprang neangan tempat jang cicing nu kira-kira aman ti musuh.
Peuting beuki jempling. Najan kitu pitunduheun teu wae datang. Nu sare teh ngan si Emung we nu can ngartieun naon bahayana anu keur disanghareupan. Isukna, maranehna geus neuruskeun deui lalampahan. Geus mulai karasa lunsena awak. Teu lila, pas maranehna keur cacapena teu kanyahoan ka lebah manehna jol perjurit anu samakta pangara. Mamang Jalaprang sabisa-bisa ngajagaan Emung, Listayu, jeung si Ibi. Namung, tanagana Mamang Jalaprang teh teu sabanding jeung para perjurit. Ahirna Mamang Jalaprang tilar harita keneh. Emung anu keur diakod ku salah saurang perjurit, wanian nyokot keris anu nogel dina cangkeng perjurit anu manggulna. Teu asa-asa eta keris teh gancang dicabut, tuluy jos wae kumanehna di tojoskeun kana lebah kekemplonganna. Geus kitu, si Emung lesot tina aisan perjurit, manehna lumpat sakuat tanaga. Teu lila, ngagebruskeun wae manehna ka Citarum anu caah keneh. Kitu oge Mamang Jalaprang dipalidkeun ku perjurit. Listayu jeung si Ibi ngan bisa masrahkeun diri bari hatena ceurik ningali Emung jeung Mamang Jalaprang di kikitu. Ku sabab listayu keur mejehna, ku para perjurit teh heunteu di bawa ka dunungana di dayeuh. Ngandon di keureum jeung di pake di hiji tempat silih gantian. Guyur salembur Pameuntasan, nimu budak bawa caah anu nyangsang dina dapur haur anu nyolodor kana beungeut cai. Anu nimu teh jalma nu rada bewosan sok disebut si Bewos. Awak budak teh terus digolerkeun dina keusik sisi walungan. Tuluy manehna teh dibawa ku si Bewos. Kabeneran si Bewos teh teu bogauen anak. Kacida atohna si bewos manggih budak anu kasep beda ti budak kampung biasa, da puguh we eta teh si Emung anu  anak menak tea. Ku si Bewos teh budak diaku anak, tuluy dibere ngaran Demung. Mimitina mah si Emung teh embungeun disebut Demung, tapi lila-lia mah geus jadi kabiasaan. Sagala kahayang Demung teh sabisa-bisa dicumponan ku indung jeung bapa kukutna. Listayu ngahuleung. Manehna geus teu bisa dibebenah atawa diajak cacarita. Awakna geus ruksak. Hiji poe, ka tempat ngerem boyongan, aya saabrulan deui perjurit, sawareh tarumpak kuda dipimpin ku hiji Senapati ngaranna Raden Sungsang. Manehna kacida ngajenghokna pas ngadenge yen Listayu teh anakna Raden Suranangga. Ku sabab Raden Suranangga pernah nulungan manehna baheula, Listayu jeung si Ibi teh dibawa ka dayeuh. Sagala kabutuhan Listayu dicumponan. Beuki dieu beuki sehat Listayu teh, ngan anu dipikaseudihna mah dina kaayaan kieu bet diparengan ku hamil. Untungna aya si Ibi anu terus mapagahan Listayu sangkan sabar. Saeunggeus budak teh lahir, Listayu dijodohkeun ku Raden Sungsang ka Cutak Cikalongwetan anu karek ditinggal maot pamajikanna. Demung diajarkeun numbak ku bapana. “Wuah, tumbak teh goreng patut. Geus medu-medu acan janggalana oge.” “Naon janggala teh, Bah?” “Heueuh, seuseukeut tumbak teh ngaranna janggala.” tembal bapa kukutna. “Naha mani sarua pisan jeung ngaran lembur urang?” Demung rada kerung. “Heueuh pan lahan lembur urang teh mencos siga seuseukeut tumbak. Ti kidul lempeng, ti kaler lempeng, neroskeun ka lebah lahan anu dipake imah urang. Tuh pan siga seusueukeut tumbaknya?” Demung ngahuleung. Teu lila pok nyarita deui. “Bah, alus heunteu lamun ngaran urang jadi Demung Janggala?” “Karep kuma silaing.” tembal bapa kukutna. Teu karasa geus aya taunna Deming cicing jeung indung bapa kukutna. Nincak tujuh welas taun, dedeganana sembada. Manehna geus jadi nonoman anu keur meujeuhna buta tulang buta daging. Manehna dibere kuda ku bapa kukutna, sabab Demung teh boga pamenta hayang boga kuda. Namung karek ge sabaraha poe, kuda eta teh leungit dibawa ku batur. Ti harita Demung nanyakeun ka bapana yen kuda eta teh meunang dibere atawa meunang maling. Bapa kukutna keuheul, tuluy gampleng we ngagablog si Demung anu nuduh kuda eta meunang maling. Demung pundung, tuluy indit ti imahna. Demung bingung rek kamana manehna indit, di jalan manehna nimu saung. Di saung eta teh aya aki-aki anu sok tatanen. Kacida ngajenghokna, aki-aki eta teh nyaeta akina Demung sorangan, ngaranna Aki Rangga. Geus sabaraha poe, bapa kukutna neang Demung. Demung maksakeun nanyakeun anu ti bareto hayang ditanyakeun ka Abahna. Manehna nanyakeun naon sabenerna pagawean bapa kukutna ti bareto. Ahirna bapana ngaku yen pagaweanna teh tukang ngabegal. Pas bapana mutuskeun rek ngeureunan pagaweanana, budakna ngadon nyaram jeung boga niat rek miluan naon anu di pigawean bapana. Demung mah leuwih wani tibatan bapana, manehna mah sok ngabegalan kalangan menak bari maleskeun kanyerina. Demung jeung babaturanna terus ngabegalan menak ti dayeuh, nepika Demung katelah begal pangdipikasieuna jeung pangditeangna. Hiji poe waktu manehna ngabegal menak anu rek indit ka Pasir Salam, aya nu jadi pamikiran Demung nyaeta awewe anu dina tandu anu parhiasanana dicokotan ku si Jangkung. Dina pikirna naha awewe  teh jiga si Aceuk, ngajerewetna jiga si Aceuk bareto lamun ningali hileud. Beurang peuting awewe eta bjadi pikiran Demung. Manehna mutuskeunrek indit ka dayeuh jeung si Jangkung. Manehna nyamar jadi tukang dagang. Lila-lila manehna manggih nini-nini anu mirip jeung si Ibi. Tuluy, Demung nitah ka si Jangkung sangkan manehna nuturkeun eta nini-nini. Ahirna si Jangkung datang ka Demung mere alamat imahna, teu mikir deui langsung we Demung teh indit ka imah nini-nini anu ditunjukeun ku si Jangkung. Demung nyarita yen manehna teh Emung anak asuhna, tapi si Ibi teu percayaeun. Percaya-percaya teh pas Demung nyaritakeun riwayat hirupna nepika ayeuna. Demung hayang pisan panggih jeung lanceukna, ngan hanjakalna lanceukna cicing di padaleman. Ku kituna, si Ibi nyarita sagalana ka Listayu, tapi Listayu teu percaya yen Demung teh Emung. Demung maksakeun hayang pisan manggihan si Aceuk. Namung, Listayu kalah nitah perjurit sangkan ngusir Demung. Tapi lain kalah diusir, Demung teh kalah di tumbak nu ahirna ragrag ka jurang. Ahirna Listayu apaleun yen Demung teh Emung adina. Waktu Demung paamprok jeung Listayu, caroge manehna datang nyaeta Kanjeng Dalem tea, Cutak Cikalongwetan. Manehna ngobrol yen manehna teh lain rek megatkeun duduluran tapi kahirupan mah kauger ku aturan hukum. Demung kudu dihukum masing manehna dulur Listayu oge, sabab manehna geus nyilakakeun jeung ngabegal jalma-jalma anu aya dipadaleman.



Tidak ada komentar:

Posting Komentar