Rabu, 14 Agustus 2013

Identitas Novel Demung Janggala

Judul : Demung Janggala
Pangarang : Tatang Sumarsono
Taun medal: 1993
Kaca : 232
Citakan kahiji : Agustus 1993
Citakan kadua : Mei 2011
Harga  : Rp 35.000,-
Ukuran  : 20,5 x 14,5 cm
Jenis kertas : HVS
Kahengkeran : Dina Novel Demung Janggala loba kecap-kecap anu teu dipikaharti sarta cara pangetikana oge aya keneh nu salah. Eusi caritana kaburu-buru katingal dina ahir carita. Salain ti eta loba caritana anu teu kahaja nu ahirna ayana kesan kurang taliti dina logika carita.
Kaonjoyan : Novel Demung Janggala pantes jang dipake di sakola sabab loba ajen-ajen anu bisa diconto tur lain kaasup novel rumaja atawa dewasa. Caritana oge biasa aya dina kahirupan manusa sapopoe jaman mana wae, najan ieu buku nyaritakeun waktu jeung tempatna dina jaman kadaleman Ukur.


Ulikan Struktur Novel Demung Janggala

Unsur Intrinsik

Tema :

Nyaritakeun jalma nu mulangkeun kanyeri ku cara nyilakakeun batur.

Watak :

a. Demung

Gede kawani
Kaca 6 : “Naha Aceuk make borangan? Lamun anu ngudag geus tepi kadieu mah, matak naon lamun ku urang terus dilawan.” .........
Kaca 8 : “Bet piraku make menta di gandong sagala, kapan Emung teh geus gede. Geuning bieu oge kadenge ku Aceuk, geus wani ngalawan musuh. Piraku ngalawan musuh bari digandong!”......

Bageur
Kaca 101: Ah keun wae si Aki mah moal ndihudangkeun karunya, ceuk pamikiranna....

Teu benang dibejaan/bengal/bedegong
Kaca 105 : ”Perkara cicing mah,nya kumaha uing we.naha make rek pipilueun ngatur.”
Kaca 12 : Bah, karep uing moal bisa dihalang-halang jeung disingsiunan ku sakitu. Pokona mah, teu isukan nya pegeto. Teu pageto, nya bulan hareupna..........”

Boga niat goreng hayang wae mulangkeun kanyeri
Kaca 122 : “Hayang mulangkeun kanyeri, bongan kahirupan kuring geus dikakaya........”

b. Listayu

Teu percayaan
Kaca 197 : “Raden.” Omong urut pangasuhna.”Enden teh teu percanteun yen Raden masih keneh jumeneng. Malik kalah sasauran keiu, Ibi naha make percaya kana omongan jalma saliwat! Boa teuing, etamah jelema teh ukur nyiliwuri...........

Boga pamikiran butut (Negative Thinking)
Kaca 200 :  “Kami mah geus yakin, eta jelema anu ngaku-ngaku si Emung teh rek ngagebruskeun kami. Pasti titahan anu sejen pikeun nyilakakeun kami. Kami oge nyaho, ka kami teh loba nu sirik....

c. Si Ibi

Silih asih/mikanyaah
Kaca 13 : Si Ibi anu keur jongjon ngusapan adina......

d. Mamang Jalaprang

Tanggung jawab
Kaca 10 : Si Mamang jeung pamajikanana nyangga pancenm anu beurat.anak dununganana Listayu jeung Surapamungkas kudu di salametkeun tina pancabaya.......

e. Si Bewos

Masa bodoan
Kaca 33 : “Rek enya kitu, rek lain, ......... Anu penting mah budakna daekuen di imah dewek. Eta cenah cenah mnehna teh bener-bener anakmenak, nya sukur nu aya.”

Tukang ngolo sangkan kahayang manehna bisa kalaksanakeun
Kaca 35 : “Tah mauk haur oge ku Abah rek dipangalakeun. Pokona hayang manuk naon wae oge janji aya.sok hayang naon deui?......”

Ngamanja
Kaca 39 : Sapoe-poena aya di lembur, ngajak ulin anak kukutna. Aya ka huma atawa ka tegalan ngadon ngala manuk.

Babari kasinggung
Kaca 94 : “Boa-boa eta kuda teh lain meunang meuli,tapi meunang maling.” “Ngomong naon sia?” bari nyirintil. “Enya meunang maling.” Gampleng di tampiling satakerna......

f. Si Jangkung

Adil
Kaca 24 : “Rek dibawa mah nya bawa we atuh,kang. Ngan alusna kudu dipihapean heula, da piraku ari rek di simpangkeun heula ka lembur urang mah. Tah engke samulangna ti Selapgohgor, matak naon urang sampeur......”

Tukang heureuy
Kaca 31 : “Asa numpang pisan mun dibandingkeun jeung beubeugeutan si Akang mah........”

g. Si Joban

Tukang heureuy
Kaca 23 : “Nya, jeung tibatan euweuh-euweuh teuing mah, jeun teuing geus jadi bange oge, komo lamun parawan keneh mah”......
”Sakalian jurigna oge ku dewek mah rek diasaan.”
Kaca 33 : “Enya kang. Saha anu nyaho ngke Akang baris jeneng Patih.Pntes pisan, kang. Beungeut jembros bari mata jaleer beureum.ngan hanjakalna teh teu bisa maca. Ha..ha..ha......

h. Nyai Idoh

Bageur
Kaca 31 : “Anu ngurus sapopoe oge pan si Nyai Idoh, da kami mah teu ari balas naheuran lahang.....”

i. Aki Rangga

Bageur/berehan
Kaca 100 : “Geus asak geuing, Elu, kejo teh. Hayu urang madang heula....”

Sederhana
Kaca 106 : “Aki mah leuwih bogoh hirup ngandelkeun tatanen, batan jadi menak..........”

j. Aki Subita

Tukang heureuy
Kaca 29 : “Atuh lamun saung ieu euweuh mah, rek dimana silaing engke mihapekeun awewe”.....

l. Si Nini (Pamajikan Aki Rangga)

Leutik kawani
Kaca 134 : ”Kumha atuh, tuda Nini ukur panyawak awewe anu heureut deuleu pondok lengkah......”

m. Raden Sungsang Pamangger

Bageur/mulangkeun budi
Kaca 57 : “Paingan nyahaaheun ka Enden, upami kawitna kantos caket sareng tuang rama mah.”
Kaca 59 : ”Paman teh geus jangji ka diri pribadi, hayang bisa males kasaean tuang rama. Ngan hanjakal  ayeuna toa aya dikieuna......”

n. Cutak Cikalongwetan

Adil
Kaca 232 : “....... najan jeung dulur, ari hukum mah angger kudu ditanjeurkeun. Pisakumahaeun teuing carita batur lamun Akang pilih kasih dina nibangkeun hiji putusan......”

Setting

1. Tempat :

Di sisi Citarum
Kaca 5 : Citarum caah rosa, ngagulidag umpal-umpalan.....

Selapgohgor
Kaca 26 : Tetela nyamos ti Selapgohgor teh, maranehna teu meunang naon-naon....

Dayeuh Ukur
Kaca 10 : ....disalametkeun tina pancabaya anu kiwari campuh di puseur dayeuh Ukur....

Urut huma
Kaca 11 : .... jigana mah urut huma....

Haurmuseur
Kaca 26 : Si Joban terus ngidul, ari anu duaan deui mengkol ka Haurmuseur.....

Saung
Kaca 98 : Manehna anjog ka hiji saung di tengan huma.

Dipakemitan
Kaca 134: Pacalang anu jaga di Pakemitan ukur kari duaan.....

2. Waktu

Peuting
Kaca 13 : Peuting beuki jempling.......
Kaca 134 : Wanci geus ngagayuh ka tenga peuting.....

Burit
Kaca 37 : Poe geus maju ka burit, anu tas ti reuma kakara tarurun....
3. Suasana

Tegang
Kaca 15: Aya dua pilihan anu nampeu hareupeunana. Maju pikeun narajang musuh anu jumlahna jauh leuwih loba, atawa serah bengkokan jadi babanda ......

Nalangsa
Kaca 189 : “Raden..!” Si Ibi ngajerit bari nubruk nonoman anu diuk hareupeunana. Si Ibi ceurik mani ngagukguk. Demung oge jadi ngarasa sedih......
Galur
Maju
Kaca 84 : Teu karasa, geus aya taunna Demung cicing jeung indung jeung bapa kukutna teh. Manehna geus jadi nonomna anu keur meujeuhna buta tulang buta daging...... nincak umur tujuh welas taun, dedeganana sembada ........

Sudut pandang 
        
Jalma katilu palaku utama , nyaeta Demung.
Kaca 92           : Geus tilu poe Demung papisah jeung si Wulung.manehna keukeuh hayangeun nyusul.......

Gaya basa

Kaca 6 : Teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan.
Kaca 115 : Ngahudangkeun mung hees.
Kaca 120 : Bisi kadengeeun ku cakcak bodas.
Kaca 123 : Cakcak ku leuleuy oge enggeus murugul.
Kaca 138 : Ulah kejot borosot, ulah getas harupateun.
Kaca 182 : Ngubeuk leuwi rek ngala beunteur.
Kaca 232 : Teu bisa cueut ka nu hideung ponteng ka nu koneng.

Amanat

Ulah ngutamakeun napsu dina nyanghareupan masalah, komo aya niat mulangkeun kanyeri ka jalma anu nyiksa atawa nganyerihatekeun urang. Sing bisa ngajaga diri, sabar jeung btawakal ka Allah dina nyanghareupan masalah. Dina ngalakukeun naon wae, kudu dipikirkeun heula sabab jeung akibatna, ulah kabawa sakaba-kaba.

Unsur Ektrinsik

Biografi Pangarang

Tatang Sumarsono lahir di Tasikmalaya, Jawa barat, kaping 25 Januari 1956. Lulusan ti SDN Galunggung V, SMPN III, jeung SMAN II. Dina taun 1975 ahir miang ka Bandung rek ngadu nasib.  Kungsi jadi wartawan Harian Merdeka. Bet kalah diparengkeun ti taun 1976 nepika taun 1982, Tatang kuliah di Jurusan Pendidikan Basa Daerah FPBS IKIP Bandung, ku Pa Karna Yudibrata. Kungsi jadi guru di sawatara sakola swasta. Tapi ahirna mah mulang deui kana gawe baku anu awal nyaeta jadi wartawan, tug nepika ayeuna. Taun 1984, dileler Hadiah Jurnalistik Adinegoro dina widang fotograpi. Salian ti nulis fiksi, nyaeta anu geus dibukukeun : Miang jeung Kaludeung, Pemberontakan di Cimareme, jeung Si Paser. Tatang milu nyusun buku-buku pangajaran basa Sunbda di SD, SMP, jeung SMA, sarta nyusun biografi nyaeta nu geus rengse biografina Jenderal Didi Kartasasamita, nu rek dipaju biografina H.R Dharsono.
Taun 1992, Tatang dileler Hadiah Sastra Samsudi jeung Hadiah Sastra LBSS. Tulisan beunang Tatang, boh prosa boh puisi, lolobana masih keneh bacacaran dina majalah jeung surat kabar. Demung Janggala mangrupa novel beunangna anu sarengsena ditulis langsung medal jadi buku nyaeta teu kungsi diecerkeun heula jadi tulisan nyambung dina majalah.

Ajen agama

Dina nyanghareupan masalah atawa musibah, dina kaayaan kumaha wae, urang kudu inget jeung rawakal ka Gusti, asal urang samampuna geus ngalakukeun ihtiar dina nyanghareupan masalah atawa musibah eta. Ajen agama ieu aya dina sikep Mamang Jalaprang anu keur ngalawan musuhna.
Kaca 17 : Geus kanyahoan kitu mah, Mamang jalaprang ukur bisa tumamprak ka nu kawasa.Ayeuna geus euweuh deui anu bisa disimbutan.......

Ajen Sosial

Urang kudu inget kana jasa-jasa kasaean batur, boh nulungan dina musibah, boh dina masalah lianna, masing jalma eta teh teu menta imbalan atawa balas budina.
Kaca 59 : “Paman teh geus jangji ka diri pribadi, hayang bisa males kasaean tuang rama. Ngan hanjakal  ayeuna toa aya dikieuna......”

Ajen budaya

Geus jadi ciri khas jaman baheula budak awewe teh sok dijodohkeun ku kolotna.
Kaca 67 : Caritaan Paman Sungsang memang teu mencog.listayu diasongan pisalakieun, Cutak Cikalongwetan .....

Ajen atikan

Dina ngalakukeun hal naon wae, urang kudu mikiran akibatna lain ngutamakeun napsu hungkul.
Kaca 137 : ......”Lain kieu carana atuh.hidep geus lalawora kacida. Ku taragal kieu, tangtu bakal jadi mamala gede pikeun urang..........”

Ajen moral

Ulah kagiur ku harta anu loba. Mending teu boga nanaon tapi bagja hirup najan ladang kesang sorangan. Kaca 106 : Tapi lamun dicindekkeun mah, Aki leuwih bogph hirup ngandelkeun tatanen, batan jadi menak. Lain nanaon, Elu, hirup ngnadelkeun tina tani mah muklis ladang kesang sorangan.

Jumat, 02 Agustus 2013

Ringkasan Novel Demung Janggala

Maca Novel

Pangarang          : Tatang Sumarsono
Eusi                    :

Dina hiji poe Emung, Listayu, si Ibi jeung Mamang Jalaprang kabur ti dayeuh sabab keur diudag-udag ku perjurit anu ngajajah dayeuh. Teu karasa langit beuki poek. Mamang Jalaprang neangan tempat jang cicing nu kira-kira aman ti musuh.
Peuting beuki jempling. Najan kitu pitunduheun teu wae datang. Nu sare teh ngan si Emung we nu can ngartieun naon bahayana anu keur disanghareupan. Isukna, maranehna geus neuruskeun deui lalampahan. Geus mulai karasa lunsena awak. Teu lila, pas maranehna keur cacapena teu kanyahoan ka lebah manehna jol perjurit anu samakta pangara. Mamang Jalaprang sabisa-bisa ngajagaan Emung, Listayu, jeung si Ibi. Namung, tanagana Mamang Jalaprang teh teu sabanding jeung para perjurit. Ahirna Mamang Jalaprang tilar harita keneh. Emung anu keur diakod ku salah saurang perjurit, wanian nyokot keris anu nogel dina cangkeng perjurit anu manggulna. Teu asa-asa eta keris teh gancang dicabut, tuluy jos wae kumanehna di tojoskeun kana lebah kekemplonganna. Geus kitu, si Emung lesot tina aisan perjurit, manehna lumpat sakuat tanaga. Teu lila, ngagebruskeun wae manehna ka Citarum anu caah keneh. Kitu oge Mamang Jalaprang dipalidkeun ku perjurit. Listayu jeung si Ibi ngan bisa masrahkeun diri bari hatena ceurik ningali Emung jeung Mamang Jalaprang di kikitu. Ku sabab listayu keur mejehna, ku para perjurit teh heunteu di bawa ka dunungana di dayeuh. Ngandon di keureum jeung di pake di hiji tempat silih gantian. Guyur salembur Pameuntasan, nimu budak bawa caah anu nyangsang dina dapur haur anu nyolodor kana beungeut cai. Anu nimu teh jalma nu rada bewosan sok disebut si Bewos. Awak budak teh terus digolerkeun dina keusik sisi walungan. Tuluy manehna teh dibawa ku si Bewos. Kabeneran si Bewos teh teu bogauen anak. Kacida atohna si bewos manggih budak anu kasep beda ti budak kampung biasa, da puguh we eta teh si Emung anu  anak menak tea. Ku si Bewos teh budak diaku anak, tuluy dibere ngaran Demung. Mimitina mah si Emung teh embungeun disebut Demung, tapi lila-lia mah geus jadi kabiasaan. Sagala kahayang Demung teh sabisa-bisa dicumponan ku indung jeung bapa kukutna. Listayu ngahuleung. Manehna geus teu bisa dibebenah atawa diajak cacarita. Awakna geus ruksak. Hiji poe, ka tempat ngerem boyongan, aya saabrulan deui perjurit, sawareh tarumpak kuda dipimpin ku hiji Senapati ngaranna Raden Sungsang. Manehna kacida ngajenghokna pas ngadenge yen Listayu teh anakna Raden Suranangga. Ku sabab Raden Suranangga pernah nulungan manehna baheula, Listayu jeung si Ibi teh dibawa ka dayeuh. Sagala kabutuhan Listayu dicumponan. Beuki dieu beuki sehat Listayu teh, ngan anu dipikaseudihna mah dina kaayaan kieu bet diparengan ku hamil. Untungna aya si Ibi anu terus mapagahan Listayu sangkan sabar. Saeunggeus budak teh lahir, Listayu dijodohkeun ku Raden Sungsang ka Cutak Cikalongwetan anu karek ditinggal maot pamajikanna. Demung diajarkeun numbak ku bapana. “Wuah, tumbak teh goreng patut. Geus medu-medu acan janggalana oge.” “Naon janggala teh, Bah?” “Heueuh, seuseukeut tumbak teh ngaranna janggala.” tembal bapa kukutna. “Naha mani sarua pisan jeung ngaran lembur urang?” Demung rada kerung. “Heueuh pan lahan lembur urang teh mencos siga seuseukeut tumbak. Ti kidul lempeng, ti kaler lempeng, neroskeun ka lebah lahan anu dipake imah urang. Tuh pan siga seusueukeut tumbaknya?” Demung ngahuleung. Teu lila pok nyarita deui. “Bah, alus heunteu lamun ngaran urang jadi Demung Janggala?” “Karep kuma silaing.” tembal bapa kukutna. Teu karasa geus aya taunna Deming cicing jeung indung bapa kukutna. Nincak tujuh welas taun, dedeganana sembada. Manehna geus jadi nonoman anu keur meujeuhna buta tulang buta daging. Manehna dibere kuda ku bapa kukutna, sabab Demung teh boga pamenta hayang boga kuda. Namung karek ge sabaraha poe, kuda eta teh leungit dibawa ku batur. Ti harita Demung nanyakeun ka bapana yen kuda eta teh meunang dibere atawa meunang maling. Bapa kukutna keuheul, tuluy gampleng we ngagablog si Demung anu nuduh kuda eta meunang maling. Demung pundung, tuluy indit ti imahna. Demung bingung rek kamana manehna indit, di jalan manehna nimu saung. Di saung eta teh aya aki-aki anu sok tatanen. Kacida ngajenghokna, aki-aki eta teh nyaeta akina Demung sorangan, ngaranna Aki Rangga. Geus sabaraha poe, bapa kukutna neang Demung. Demung maksakeun nanyakeun anu ti bareto hayang ditanyakeun ka Abahna. Manehna nanyakeun naon sabenerna pagawean bapa kukutna ti bareto. Ahirna bapana ngaku yen pagaweanna teh tukang ngabegal. Pas bapana mutuskeun rek ngeureunan pagaweanana, budakna ngadon nyaram jeung boga niat rek miluan naon anu di pigawean bapana. Demung mah leuwih wani tibatan bapana, manehna mah sok ngabegalan kalangan menak bari maleskeun kanyerina. Demung jeung babaturanna terus ngabegalan menak ti dayeuh, nepika Demung katelah begal pangdipikasieuna jeung pangditeangna. Hiji poe waktu manehna ngabegal menak anu rek indit ka Pasir Salam, aya nu jadi pamikiran Demung nyaeta awewe anu dina tandu anu parhiasanana dicokotan ku si Jangkung. Dina pikirna naha awewe  teh jiga si Aceuk, ngajerewetna jiga si Aceuk bareto lamun ningali hileud. Beurang peuting awewe eta bjadi pikiran Demung. Manehna mutuskeunrek indit ka dayeuh jeung si Jangkung. Manehna nyamar jadi tukang dagang. Lila-lila manehna manggih nini-nini anu mirip jeung si Ibi. Tuluy, Demung nitah ka si Jangkung sangkan manehna nuturkeun eta nini-nini. Ahirna si Jangkung datang ka Demung mere alamat imahna, teu mikir deui langsung we Demung teh indit ka imah nini-nini anu ditunjukeun ku si Jangkung. Demung nyarita yen manehna teh Emung anak asuhna, tapi si Ibi teu percayaeun. Percaya-percaya teh pas Demung nyaritakeun riwayat hirupna nepika ayeuna. Demung hayang pisan panggih jeung lanceukna, ngan hanjakalna lanceukna cicing di padaleman. Ku kituna, si Ibi nyarita sagalana ka Listayu, tapi Listayu teu percaya yen Demung teh Emung. Demung maksakeun hayang pisan manggihan si Aceuk. Namung, Listayu kalah nitah perjurit sangkan ngusir Demung. Tapi lain kalah diusir, Demung teh kalah di tumbak nu ahirna ragrag ka jurang. Ahirna Listayu apaleun yen Demung teh Emung adina. Waktu Demung paamprok jeung Listayu, caroge manehna datang nyaeta Kanjeng Dalem tea, Cutak Cikalongwetan. Manehna ngobrol yen manehna teh lain rek megatkeun duduluran tapi kahirupan mah kauger ku aturan hukum. Demung kudu dihukum masing manehna dulur Listayu oge, sabab manehna geus nyilakakeun jeung ngabegal jalma-jalma anu aya dipadaleman.